Bahasa Sunda Kelas 7 Materi Dongeng

Naon Anu Dimaksud Dongeng Teh?

Dongeng nyaeta wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (Teu asup akal).

Ciri dongeng jaman baheula:

  1. Teu kanyahoan saha pangarangna
  2. sumebarna sacara lisan
  3. Umumna caritana istanasentris (carita jaman karajaan)
  4. Mangrupakeun carita fiksi
Rupi-rupi Dongeng:
  1. Fabel (Dongeng anu nyaritakeun Sasatoan)
  2. Parabel (Dongeng anu nyariytakeun kahirupan anu umumna janten ciri hiji tempat)
  3. Myte ( Dongeng anu nyaritakeun halna mistis/gaib)
  4. Sage (Dongeng anu nyaritakeun carita kapahlawanan)
  5. Sasakala (Dongeng anu nyaritakeun asal muasal tempat, barang, atawa tempat)
Dihandap ieu aya salasahiji conto video dongeng, tonton kalayan daria sarta waler patalekan/soal dihandap sarengsena nonton video,dipidamel dina buku tulis bahasa sunda ,Ulah hilap foto kagiatan midamel pancenna tuluy dikirimkeun ka WA mapel bahasa sunda (wilujeng midamel pancen)

Soal : 
1. Saha wae tokoh/pemeran nu aya dina dongeng eta ?
2. Nyaritakeun naon dongeng eta teh ?
3. Naon Amanat nu aya dina video eta?
4. Tuliskeun judul dongeng sunda nu sejenna,minimal 2?
5.  Kaasup kana jenis dongeng naon video diluhur ?

DONGENG SUNDA (JONGGRANG KALAPITUNG)

Jaman baheula, baheulaning baheula, di sabundeureun Jatiluhur, Purwakarta ayeuna, mash keneh loba leuweung geledegan. Leuweung gonggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Ari anu ngageugeuh di eta leuweung katut gunung-gunung di sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngarana Jonggrang Kalapitung. Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng. Bulu kumis jeung jenggotna sagede-gede tambak injuk. Buukna gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Estu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tading gugur. Hese ngabedakeunana, naha keur leuleuy atawa keur ambek.

NOVEL SUNDA (BARUANG KANU NGARORA)

Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”
Ketika Nyi Dampi melihat Nyi Rapiah datang ke bengong, Nyi Rapiah terlihat sangatlah cantik. Keluar cahaya yang memancar. Ditambah lagi sudah lama tidak berjumpa. Dahulu belum bisa merawat diri. Berbicara dalam hatinya “Pantas Aom Kusman seperti tergila-gila kepada Nyi Rapiah, karena begitu cantiknya.”

NOVEL SUNDA (BURON)

Sikep idéalis Andika, ngabalukarkeun manéhna kadungsang-dungsang nyingkahan sagala hal anu patukang tonggong jeung prinsip hirupna.
Sumirah (Umi), pamajikanana jadi kababawa balangsak. Cintana anu pangger, mawa dirina ngalalana (nepi ka disangka jadi jalma gélo), kana dunya anu tacan pernah kasungsi saméméhna.
Cinta nu sajati, pamadegan nu pageuh, didoja ku geleberna dunya jeung rembetna leuweung kahirupan.
——-
Daun garing rabeng kaanginkeun, ngarangrangan minuhan taneuh handapeunana. Urut katarajang halodo panjang, dangdaunan, tatangkalan taya nu manggapulia. Iwal tangkal cau, nu daunna angger héjo téh.
Sabubuhan manuk nu keur areunteup dina régang tangkal, hiber ninggalkeun régang tempat tadi maranéhna eunteup, basa aya batu nu nénggor dahanna.
Sakali deui kadéngé sora batu nénggor tangkal. Geuwat ngelok ka tukangeun dapuran daun baluntas. Tangtu aya barudak mana aya sora tangkal dibalédog ogé. Tina sela-sela daun, katénjo barudak keur malédogan ka luhur. Horéng aya langlayangan ku batu, meureun batan beunang mah anggur rangsak.
——
Nu gélo! Nu gélo! Gorowokna bari terus lalumpatan. Atuh ngan bereyek wé batur-baturna nyampeurkeun tempat panyumputan kuting. Geus kapalang katohyan, kuring ka luar ti tempat panyumputan. Beletak aya pangpung dibalédogkeun kana tarang kuring.
“Umi, itu wartawan, itu wartawan!” cék nu pendék. Kuring seuri. Geus jadi kacapangan, kuring sieun ku wartawan téh. Saenyana lain sieun, ngan kuring sok tugenah lamun ditanya ku wartawan téh. Bongan maranéhna tara ngarasakeun kana nasib nu keur tumiba kana awak. Maranéhna ngan hayang ngali kahirupan batur, pikeun kapentingan koranna, pikeun kapentingan maranéhanana. Di sagigireun éta, kahariwang katohyan saha ari kuring sabenerna, ngalantarankeun jadi sieun tepung jeung wartawan. Ku ayana kajadian gunung bitu téh, ka lembur jadi loba wartawan nu ngalampreng. Keur manéhna, ayeuna di lembur leubeut ku béja, picaritaeun ka balaréa. Sok sanajan teu karampaeun meureun ka maranéhna mah, yén nu diajak carita téh keur meujeuhna aya dina samagaha pikir.
“Umi itu wartawan! Itu wartawan!” cék maranéhna.
“Nu gélo! Nu gélo!”
“Ieu hayang cau, Umi!”
“Nu gélo! Nu gélo!”
Beuki angot salusurakananana téh, da nénjo kuring bangun nu sieuneun ku maranéhna. Cék pikiran kudu lumpat téh ka tukangeun dapuran cau, ngarah teu kaudag ku maranéhna. Di dinya mah tempat téh nyingkur, moal pati kasaba ku barudak bangor.
Méméh tepi ka tempat nu dimaksud, kuring ngadéngé nu ngagoak. Dilieuk téh, budak lalaki umur sapuluhtaunan, labuh. Geuwat diburu, nu séjén buriak lalumpatan. Manéhna bangun sieuneun, tapi dék lumpat teu bisaeun, sabab sukuna kacugak beling.
“Moal kasép, moal nanaon,” cék kuring.
“Nu gélo! Ulah, ulah! cék manéhna
“Moal, kasép, uarng laan geura, bageur, belingna urang cabut, ngarah damang.”
Lila-lila mah bakat ku nyeri meureun, manéhna cicing. Beling téh teu wudu nyugakna rada jero. Beling héjo, kawas peupeusan botol, nilik warnana mah. Nénjo kaayaan raheutna, kuring teu sanggup kudu muka di dieu mah. Inget kudu diberesihan ku cihaneut, jeung di imah rarasaan aya kénéh pereban.
Regeyeng budak dipangku, manéhna teu ngalawan da bangun geus teu walakaya. Basa ku kuring diteuteup, bet séréngéh seuri.
“Saha jenenganana?” cék kuirng.
“Alan,” témbalna.
Budak téh henteu babarian, basa dicabut belingna gé ukur muringis, teusing ceurik. Réngsé dicabut, geuwat urut raheutna dikumbah ku cai haneut tina térmos, kakara diobat beureuman. Reketek waé dibeungkeut ku pereban anyar. Manéhna olohok nénjo paparabotan urut ngubaran bieu.
“Geuning, Umi kagungan nu kieu?” cenah, bari cengkat diuk, ngalunjarkeun suku ayeuna mah.
Kuring ukur imut. Alan gé tangtu sarua jeung nu séjén nyangka kuring téh gélo. Padahal kuring mah teu singna kitu. Pereban, kapas, obat beureum jeung ténsoplas téh dipupusti pisan lantaran remen dibaralédogan ku barudak. lain sakali dua kali tarang raheut dibalédog ku batu. Lain sakali dua kali deuih pamalédog téh keuna kana tuur atawa kana tonggong.
“Eueut heula, Kasép,” cék kuring.
Bi Umi di dieu sareng saha?” Manéhna nanya deui, sanggeus sawatara jongjonan ngahuleng neuteup ka kuring. Kuéh mari beunang meuli tilu siki, dibikeun ka Alan hiji. Mimitina mah bangun nu asa-asa rék ngadahar téh. Meureun nénjo patempatan sakitu rarujitna. Tapi lila-lila mah daékkeun ogé. Kuéh mari téh didahar babarengan jeung kuring.
“Alan tos sakoa?” cék kuirng.
“Atos,” témbalna.
“Kelas sabaraha?”
“Kelas lima.”
Bi Umi kapungkur ti mana?” Kawas nénjo kuring ngahuleng waé, manéhna nénjo deui. Haté beuki bungah nénjo Alan ayeuna mah beuki wani waé. Manéhna turun ti enggon, terus leumpang, najan ingked-ingkedan gé ngadeukeutan buyung di juru.
“Ieu wadah naon?” pokna.
“Cai,” témbal kuring.
“Paragi ngaleueut, paragi nyangu,” cék kuirng deui.
“Sok nyangu?”
“Kantenan.”
Manéhna nénjo koran satumpuk dina luhur lomari leutik, cék kuring lomari sotéh, saenyana mah ukur peti urut wadah sabun, nu ditangtungkeun, dijieun lomari. Koran téh dicokot nu pangluhurna.
“Bi Umi naha maké disebat nu gélo?” cék Alan.
“Duka.”
“Naha bet duka?”
“Da teu terang.”
“Umi, buka! Umi, buka!” cék sora ti luar.
Kuring neuteup ka Alan. Mun kongang mah hayang nyarita, yén kuring téh lain nu gélo, pangnepikeun ka masarakat di dinya. Hayang dipangbéjakeun ku Alan, yén kuring téh jelema ka lunta-lunta, teu puguh jugjugeun, teu puguh ka mana nya kudu indit. Tapi naha kira-kirana budak sagedé Alan, tur anyar pinanggih bakal daékkeun nulungan? Komo maké kudu ngajelaskeun saha kuring nu saenyana mah? Tapi lamun henteu kitu hésé deui kapan ngajak cacarita ka jelema téh. Kapan sakitu ceuceubna masarakat di dinya ka diri kuring téh?
“Umi laan tulak!”
Alan ngalieuk ka sorangan, bari manéhna terus leumpang ingkud muru panto. Barang bray gé muka, jol gabrug waé alan aya nu ngarangkul. Ari kuring terus murungkut. Dokter kasép ngora kénéh, tangtu ieu bapana Alan téh. Bisa sotéh terus neguh, manéhna dokter, lantaran maké pakéan bodas, tur beungeutna sarimbang jeung Alan.
—-
“Nuhun Nyi Umi, parantos nulungan pun anak,” cék dokter.
Awak kuring ngadégdég ngadéngé éta kecap ditujukeun ka kuirng. Nuhun? Enya nuhun, cenah Umi, ka manéh. Ka kuring? Enya ka manéh, Umi. Geuning di dunya téh aya kénéh jelema luhung budi, nu daék ngajénan kana kahadéan budi manusa séjén, bari henteu nénjo kaayaan lahiriah atawa kalungguhanana. Geuning jolna téh bet ti jelema anu luhur kuta gedé dunya, jelema pangkat tur pinter. Pajar cenah jelema-jelema kitu mah sok garedé hulu, kanyataannana bet jelema kitu anu daék ngajénan perasaan kuring.
“Ieu sakadar kanggo jajan,” cék manéhna.
—-
“Nuhun, Bi Umi,” cék dokter téh, bari angger nyelapkeun duit kana dampal leungeun. Bangun hayangeun kénéh cacarita dokter téh ka kuirng. Tapi kalah dipangaruhan ku jelema sakitu lobana, dokter kasép téh ngaléos.

CARITA WAYANG (SANGHYANG JEUNG DANGIANG)

Mungguh timbangan Prabu Baladéwa, hiji-hijina manusa nu nyegah peperangan, raina nyalira nya éta Batara Kresna. Saéstuna anjeunna henteu niat nolak gurat-kodrat Hyang Déwata. Ning gara-gara Pandawa jeung Kurawa bebengkahan, kaayaan alam dunya sagemblengna milu harénghéng.

SAWALA

Rian       : Saderék sadayana, nu diulem katawisna parantos karempel. Ku margi kitu, mangga urang buka waé ieu rapat téh ku ngawitan ngaoskeun basmallah sasarengan. Bismillahirohmanirohim. Sadérék sadayana, sakumaha anu kaunggel dina serat uleman, rapat dina dinten ieu téh badé ngabadantenkeun perkawis program kegiatan osis periode 2007-2008. Salajengna mah, anu ieu rapat badé dipingpin langsung ku ketua osis. Ka sadérék résa, mangga dihaturanan.
Saudara semuanya yang diundang terlihat sudah berkumpul. Oleh karena itu mari kita buka saja rapat ini dengan memulai membacakan basmallah bersama-sama. Bismillahirohmanirohim. Saudara semuanya sebagaimana yang terdapat pada surat undangan, rapat hari ini akan membicarakan mengenai program kegiatan osis periode 2007-2008. Selanjutnya, rapat ini akan dipimpin langdsung oleh ketua osis

BIANTARA (PENTINGNA HIRUP SEHAT)

Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.

PUPUJIAN SUNDA

1.    Kautamaan Solat Berjamaah
Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang solat berjamaah ……………
Estu kawajiban urang ker di dunia
Kanggo pibekelen jaga di akherat

CERAMAH SUNDA (AMAL ANU BAKAL NULUNGAN DI JERO KUBUR)

Assalamualaikum Wr.Wb.
Audzubillah himinassyaiton nirozim. Bismilah hirohman nirohim. Ashadu ala ilaha illalloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.

ASAL USUL NGARAN TEMPAT (CIPEUCANG)

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.

ASAL USUL NGARAN TEMPAT (DESA SILUMAN)

Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.

DONGENG SUNDA (KUYA NGAGANDONG IMAHNA)

Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.

DONGENG SUNDA (CAI LAUT ASIN)

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lanceuk. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.

DONGENG SUNDA (GAGAK JADI HIDEUNG)

Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu balong tea.

DONGENG SUNDA ( HAYAM KONGKORONGOK SUBUH)

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.

BIANTARA (NGAWANOHKEUN BASA SUNDA)

Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

KUMPULAN SAJAK SUNDA PIKEUN BARUDAK

(1) BUDAK PAHATU LALIS

Dua budak pahatu lalis
adi lanceuk awéwé lalaki
kasarung di leuweung ganggong
adina ceurik ngalengis
mana jalan geusan balik.

DONGENG SUNDA (GAGAK HAYANG JADI MERAK)

Jaman baheula, baheula gé baheula pisan.
Di hiji leuweung geledegan, aya dua tangkal kiara.
Éta tangkal téh kacida gedéna.
Perenahna ngaréndéng di sisi sampalan.
Ari sampalan téh paranti sato jarah nyatuan.
Éta kiara sok dipaké panonoban bangsa manuk.
Anu hiji panonoban bangsa gagak,
ari anu hiji deui panonoban bangsa merak.

PARIBASA SUNDA

  • Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
  • Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  • Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
  • Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  • Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.

ARTIKEL (SILIWANGI)

Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, teu robah jadi maung atawa nu mistik lain na. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut ngarana Santang, pamingpin nagri sancang, bangsa jin, lain bangsa manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di kira-kira.
Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali. Lain anjeun turunan manuk dadali.

TATARUCINGAN

 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
6. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! (Rujak)
8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)

100 Babasan Jeung Hartina

  1. Abang-abang lambe

    Kecap abang dina ieu babasan hartina beureum. Ari lambe atawa lambey kaasup kana basa ragam hormat, anu dina basa ragam lomana saharti jeung biwir. Sarerea oge geus appal, gunana biwir teh diantarana pikeun nyarita. Babasan abang-abang lambe hartina nyarita ukur pikeun ngangeunahkeun hate batur wungkul, tapi teu terus jeung hate, atawa teu jeung prakna. Ieu babasan teh sakapeung robah ungkarana jadi ukur lalambe.
  2. Abong biwir teu diwengku

    Kecap wengku dina ieu paribasa maksudna palipid barang anyaman (boboko, nyiru, cecempeh, tampir) di sakurilingeun sisina, sangkan jadi weweg. Ari biwir mah memang teu make wengku, jadi bias dipunyan-penyon sakahayang, maksudna bias jeung laluasa dipake ngedalkeun omongan kumaha wae oge. Ieu paribasa teh sakapeung ungkara sok ditambahan jadi abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan, tumerap ka jalma anu ngomongna sakarep-karep (teu jeung wiwaha), teu ngingetkeun bakal kumaha pibalukareunana pikeun batur, nu penting asal disada.

Makna Kata "Sunda"

Sunda berasal dari kata Su = Bagus/ Baik, segala sesuatu yang mengandung unsur kebaikan, orang Sunda diyakini memiliki etos/ watak/ karakter Kasundaan sebagai jalan menuju keutamaan hidup. Watak / karakter Sunda yang dimaksud adalah cageur (sehat), bageur (baik), bener (benar), singer (mawas diri), dan pinter (pandai/ cerdas) yang sudah dijalankan sejak jaman Salaka Nagara sampai ke Pakuan Pajajaran, telah membawa kemakmuran dan kesejahteraan lebih dari 1000 tahun.

Sejarah Kota Bandung

Pemerintah Hindia Belanda yang saat itu menguasai Jawa dan Nusantara pada umumnya dibawah pimpinan Gubernur Jendral Herman Willem Daendles (1808-1811), mempunyai rencana sebuah jalan yang membelah Pulau Jawa, menghubungkan Anyer di ujung barat dan Panarukan di Ujung Timur. Jalan ini, yang dikenal sebagai Jalan Raya Pos (Groote Postweg), membentang sepanjang kurang lebih 1000 kilometer. Pembuatan jalan tersebut dimaksudkan untuk mempermudah hubungan antara daerah-daerah yang berdekatan serta dilalui jalan tersebut. Atas perintah Daedles inilah, sejak tanggal 25 Mei 1810 , ibu kota Kabupaten Bandung yang semula berada di Karapyak mengalami perpindahan, mendekati Jalan Raya Pos.