Bahasa Sunda Kelas 7 Materi Dongeng


Naon Anu Dimaksud Dongeng Teh?

Dongeng nyaeta wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (Teu asup akal).

Ciri dongeng jaman baheula:

  1. Teu kanyahoan saha pangarangna
  2. sumebarna sacara lisan
  3. Umumna caritana istanasentris (carita jaman karajaan)
  4. Mangrupakeun carita fiksi
Rupi-rupi Dongeng:
  1. Fabel (Dongeng anu nyaritakeun Sasatoan)
  2. Parabel (Dongeng anu nyariytakeun kahirupan anu umumna janten ciri hiji tempat)
  3. Myte ( Dongeng anu nyaritakeun halna mistis/gaib)
  4. Sage (Dongeng anu nyaritakeun carita kapahlawanan)
  5. Sasakala (Dongeng anu nyaritakeun asal muasal tempat, barang, atawa tempat)
Dihandap ieu aya salasahiji conto video dongeng, tonton kalayan daria sarta waler patalekan/soal dihandap sarengsena nonton video,dipidamel dina buku tulis bahasa sunda ,Ulah hilap foto kagiatan midamel pancenna tuluy dikirimkeun ka WA mapel bahasa sunda (wilujeng midamel pancen)

Soal : 
1. Saha wae tokoh/pemeran nu aya dina dongeng eta ?
2. Nyaritakeun naon dongeng eta teh ?
3. Naon Amanat nu aya dina video eta?
4. Tuliskeun judul dongeng sunda nu sejenna,minimal 2?
5.  Kaasup kana jenis dongeng naon video diluhur ?